assalamu'alaikum wr. wb.
ABBOUT MEE....
Tepangkeun nami abdi Weni Angrawati. Nami panggilan Wenni. Nami panggilana pamasihan ti pun dosen anu jenengana teh Bapak Andi Ainunnajib Fikri S.T.Abdi di babarkeun di Ciamis, kaping 20 Agustus 1994. alhamdulillah masih anom keneh. hehee
Abdi kawit ti Sindanghurip, Desa Cintanagara, Kecamatan Jatinagara, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Hoby abdi teh diantawisna, tolabul 'ilmi sareng didamel. mung seueur namh damelna ngalihkeun sangu kana piring,,
Anu dicita-citakeun ku abi nyaeta hoyong janten guru anu sae pikeun murid-murid abdi.
Motto Hidup: Hidup Mulya atau mati syahid.
Ayena abdi parantos semester tilu, Prodi PAI, Institut Agama Islam Darussalam (IAID) Ciamis. Alhamdulillah ti kawit kuliah dugi ka danget ieu msih dipasihan kakiatan ku Gusti Nu Maha Suci pikeun nyiar elmu keur bekel isukan, supados bagja dunia rawuh akherat. aminn.
Pamudah-mudahan elmu anu dipasihkeun ku Bapa sareng Ibu dosen ka abdi2 sadaya janten elmu anu manfaat tur barokah, sareng pamudah-mudahan janten amal kasaean.
Mung sakitu nu kapihatur perkawis about me, kakirangan sinareng kalangkungan neda dihapunten..
wassalamu'alaikum wr. wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar